Iklan

Wednesday, 21 February 2018


Sungkem
(panganten munjungan ka ibuna masing-masing).
Ema !! hapunten, abdi hapunten, ti luhur sausap rambut, tihandap sausap dampal. Ieu abdi anu kantos ngaheurinan rahim Ema, Ema anu karepotan, nyagigir lain, nangkarak salah,  dicandak beurat ari dikantun piraku.
وَوَصَّيْنَا اْلإِنسَانَ بِوَالِدَيْهِ حَمَلَتْهُ أُمُّهُ وَهْنًا عَلَى وَهْنٍ وَفِصَالُهُ فِي عَامَيْنِ أَنِ اشْكُرْ لِي وَلِوَالِدَيْكَ إِلَىَّ الْمَصِيرُ

Ema ! abdi anu purah ngarubahkeun, cipinareup ema ku abdi disadap dugika hapa, abdi anu purah ngunguntit nambih ka pusing, tiwit alit dugi ka wanci kiwari, mun siang alim paanggang, nogel montel dina cangkeng, mun wengi teu ngari jempling.
Ema ! abdi nu sering ceurik ngajerit meupeuskeun jemplingna peuting, ngoceak neda disambat,  ku ema abdi dirawu, ku ema abdi di pangku, ditimang diayun ambing, dicium digalentoran lir nanggeuy endog beubeureumna, gerentes sanubari ema ku abdi jelas kakuping.
وَإِنِّي أُعِيْذُهَا بِكَ وَذُرِّيَّتِهَا مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ
Wungkul ka gisti abdi nitipkeun ieu pun anak, mugia jadi jalma waluya.
Ema ! dinten ieu abdi ngawitan nete hambalan rarabi, ngaraos lewang ngalongkewang, rumaos teu tigin ksns wawadi, joledar kana papatah.

Waleran ibu :
Anaking! jungjunan kalbu, hidep entong loba wakca, da kalah nambihan ramisak, insya Alloh hampura jeung pidu’a tie ma tie ma teu kudu di penta.
Anaking ! ema teu mamrih panyait, ema teu malar pamulang, estu ridlo seja lalanjang. Jung ku ema diduakeun sing pinanggih jeung ka bagjaan dunya akherat.
Anaking! Geura cengkat ngangkat sirah, geura menta hampura ka bapa.

(panganten munjungan ka ramana masing-masing).
Bapa ! abdi nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng belokeun, abdi nyanggakeun sadaya-sadaya, rumaos tukang wangkelang bedegong tara nurut kana papatah nu janten rama, bobot pangayon aya disalira bapa.

Waleran bapa
Anaking ! bral geura ngojayan cita-cita, dina dasar niat nu hade, dipasieup ku taqwa ka Alloh AWJ.
.وَمَنْ يَتَّقِ اللهَ يَجْعَلْ لَهُ مَخْرَجًا
Anaking ! ayeuna hidep boga kabeungbeurat dada, bral geura ngalengkah sing tatag, di barung ku tawakkal kanu ngayuga :
وَمَنْ يَتَوَكَّلْ عَلَى اللهِ فَهُوَ حَسْبُهُ
Bapa jajap ku du’a :
بَارَكَ اللهُ لَكَ وَبَارَكَ عَلَيْكَ وَجَمَعَ بَيْنَكُمَا فِى خَيْرٍ

No comments:

Post a Comment